Visi Madrasah
Selasa, 16 Des 2025
  • Membetuk Generasi yang memiliki karakter Spiritual (Agamis), Mandiri & berprestasi, Adaptif terhadap teknologi, Ramah anak, dan Tanggap terhadap lingkungan.
  • Membetuk Generasi yang memiliki karakter Spiritual (Agamis), Mandiri & berprestasi, Adaptif terhadap teknologi, Ramah anak, dan Tanggap terhadap lingkungan.
24 Maret 2025

Ngamumule Aksara Sunda

Sen, 24 Maret 2025 Dibaca 400x Uncategorized

By Imas Siti Ismaya, S. Pd.

Kasang tukang anu ngadasaran urang sunda di ajar jeung ngamumule aksara sunda nya eta pikeun :

Ngahirupkeun deui warisan budaya

Aksara sunda mangrupa bagean tina warisa budaya sunda anu kaya jeung loba ragam na . ku di ajar aksara sunda, urang sunda bias ngahirupkeun deui warisan budaya aranjeun na jeung paham kana sajarah sarta tradisi luluhur anjeunna.

Ningkatkeun kasadaran jeung kabanggaan kana idemtitas sunda 

Ku di ajarna aksara sunda , urang sunda bisa ningkatkeun kasadaran jeung kabanggan pikeun identitas sunda aranjeun na. ha lieu bisa ngabantu nguatkeun rasa identitas jeung kabanggaan pikeun budaya sunda.

Ngalestarikeun bahasa sunda

Aksara sunda mangrupa salah sahiji cara pikeun ngalestrikeun bahasa sunda. ku di ajar aksara sunda, urang sunda bisa nyangkem jeung ngagunakeun basa sunda sacara leuwih alus deui.

Ngaronjatkeun atikan jeung kasadaran budaya

Ku di ajar aksara sunda, urang sunda bisa ngaronjatkeun atikan jeung kasadaran budaya aranjeun na, ha lieu bisa ngabantu nguatkeun rasa identitas jeung kabanggaan kana b udaya sunda.

Ngamekarkeun kreatifitas jeung inovasi

Ku di ajar aksara sunda, urang sunda bisa ngembangkeun kreatifitas jeung inovasi aranjeunna. Hal ieu oge bisa nguatkeun rasa identitas jeung kebanggaan kana budaya sunda.

Ku kitu na, di ajar aksara sunda lain ukur di ajar hiji system panulisan, tapi oge mangrupa cara pikeun ngamumule warisan budaya sundajeung ningkatkeun kasadaran, kabanggan kana identitas sunda.

Cara ngamumule aksara sunda 

Pembelajaran aksara sunda di sakola sakola

Ngembangkeun font jeung aplikasi aksara sunda

Panalungtikan aksara sunda

Promosi jeung sosialisasi aksara sunda ka masyarakat lega

Ngajieun karya seni jeung sastra anu ngagunakeun aksara sunda

Pikeun ngamumule aksara sunda urang kudu apal sajarah aksara sunda na nya eta 

Aksara sunda ngabogaan sajarah anu panjang jeung kompleks. Aksara ieu mekar jeung aksara pallawa jeung aksara kawi, anu di gunakeun di jawa jeung Sumatra dina abad ka 5 smpe ka 15 Masehi.

Jenis-jenis aksara sunda aya sababaraha nya eta 

Aksara sunda kuno ( abad ka 14 sampe 16 Masehi ) aksara ieu ngabogaan wangun anu mirip jeung aksara pallawa ti india

Aksara sunda Baku ( abad ka 16 sampe 19 Masehi ) aksara ieu ngabogaan wangun anu leuwih sederhana jeung gampang di baca di banding jeung aksara sunda kuno

Aksara sunda Modern ( abad ka 19 sampe ayeuna ) aksara ieu ngabogaan wangun anu leuwih sederhana jeung gampang dibaca dibaanding aksara sunda baku.

Abad ka 20 (kamekaran aksara sunda) 

Abad ka 20 aksara sunda dikembangkeun jdi sababaraha jenis saperti aksara sunda anu di gunakeun dijawa barat jeung aksara sunda anu digunakeun di Banten 

Dina taun 1990 an, aksara sunda titetepkeun sabage sala sahiji warisan budaya Indonesia ku pamarentah Indonesia. 

Aksara sunda anu geus dibakukeun ngabogaan sababaraha sebutan ngaran, diantarana nya eta Aksara sunda baku jeung aksara sunda Kaganga. Anu ngadasaran di sebut aksara sunda kaganga aya dina susunan abjad konsonan na , nya eta “ ka ga nga ja nya jsb. “ ku kituna anu jadi pangbeda jeung aksara Cacarakan ( sunda –jawa) ngagunakeun susunan abjad “ ha na car a ka jsb”.

Karakteristik aksara sunda aya dina bentuk huruf anu khas jeung unik, ngagunakeun tanda baca anu khas, jeung system penulisan anu berbasis kana fonetik.

Dihandap ieu contoh abjad aksara sunda kaganga : klik

 

Contoh aksara sunda

Contoh aksara sunda

Contoh aksara sunda

Contoh aksara sunda

Artikel ini memiliki

5 Komentar

Masyaallah, sebagai orang Sunda seharusnya kita lebih menyukai budaya Sunda termasuk aksaranya yang sudah menjadi warisan nenek moyang kita

Tinggalkan Komentar

Flag Counter